Rabu, 31 Oktober 2012

SI KABAYAN JEUNG LAUK PECAK


Si Kabayan unggal poe gawe na ngan ngajedog wae di imah, tara hayang gawe. Si Ambu kareuseul ningali polah si Kabayan unggal poe. Isuk-isuk bari jeung dibabaturan cai kopi panas tapi euweuh dengeunna.
Si Ambu hayang ambek nempo si Kabayan jiga kitu wae unggal poe.
Isuk-isuk….
“Kabayan…maneh euweuh gawe pisan unggal poe teh…kaditu ka leuwi neangan  lauk jeung dahar urang ayeuna, sanajan lauk pecak geh teu nanaon…”
“Heu-euh, ambu sakeudap ku Kabayan digawean…” tembal si Kabayan bari poporoseh neangan jaring pikeun  ngala lauk di leuwi…
Si Kabayan kapaksa ka leuwi neangan lauk da dititah ku si ambu, mun teu diturutkeun jigana moal dibere dahar ku si ambu…
Neupi ka leuwi si Kabayan geus nyebarkeun jala susuganan aya lauk anu ka jaring ku manehna..
Nasib si Kabayan isuk ieu hade pisan, jala laukna loba meunang lauk nu ka jaring, si Kabayan cicingkaan bari jeung luwa-lewe…
“Tah ambu tingali si Kabayan mah hebaaat, nembean geh tos kenging lauk mani seueur pisan…” bari jeung narik jalana…
Si Kabayan mariksaan lauk hiji-hiji….
“Hadeuh ambu sial pisan da teu aya nu pecak ieu lauk teh…” bari ngaluarkeun lauk tina jala manehannana..
Si Kabayan masih panasaran, dialungkeun deui jala laukna susugannan ayeuna mah aya lauk pecak asup dina jala si Kabayan….
Jala si Kabayan ditarik mani pabeton pisan da lauk dina jalana seueur pisan. si Kabayan masi panasaran, laukna dipilihan hiji-hiji…
“Ampun ambu da teu aya hiji-hiji acan ieu lauk pecak teh…” bari teuteup ngajaring deui…
Kitu jeung kitu bae polah si Kabayan, neupi beurang can hiji-hiji acan lauk nu jeung dibawa ka imah…
Si Kabayan geus nyeurah…
Balik ka imah bari jeung bobolokot ku leutak…
Ti jauh keneh si ambu geus ningali rupa si Kabayan jigana mah loba mawa lauk, katingali ti awakna nu pinuh ku leutak bari jeung awak baseuh kabeh…
“Kabayan, kumaha meunang lauk na?” si Ambu bari jeungmusam-mesem bakat ku bungah…
“Hadeuuuuhhh, ambuuu…lauk mah seueur pisantapi da eta teu aya peuseunanan si ambu…”
“maksud maneh naon kabayan?” si ambu rada bingng…
“Nya eta ambu tadi keur isuk si ambu pesen nitah Kabayan neangan lauk pecak ka leuwi, lauk mah kenging seueur tapi da teu aya nu pecak ambu….”
“Teurus laukna dikamanakeun ku maneh Kabayan ari euweuh nu pecak mah?” si ambu bari neangan lauk dina wadah nu dibawa si Kabayan…
“Muhun ambu ku Kabayan laukna di balangkeun deui ka leuwi, ambu kan pesenna milarian nu pecak…”
“Dasar maneh Kabayan ontohod pisan, barokokok maneh teh, balegug pisan..eta aing teh nitah maneh neangan lauk pecak teh ngan paribahasa wungkul, moal dibere dahar sia ku ngaing poe ieu mah…” Si ambu bari nutupkeun lawang panto bakat ku bendu ka si Kabayan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar